Artikel

Bola

Inin Nastain

TERVERIFIKASI

Jadikan Teman | Kirim Pesan

Kelahiran MAJALENGKA, Tempat Gunung Ciremai menjulang tinggi... Asyik Nglyulur Untuk memuaskan Jiwa

PERSIB Mowal Ngeper Ngadu Nasib TITIK


REP | 04 February 2012 | 17:36 Dibaca: 864   Komentar: 87   2 dari 2 Kompasianer menilai aktual

“Anying euy.. Babukan kitu ku Aing?” jol si Sabro bari umak-amuk teu pararuguh ka kostan Uing

“Aya naon Bro iyeu teh? Geuning datang-datang rek bubak-babuk kitu? Ngahakan Kecubung sugan?” timpal Uing ka si Sabro

13283516801260190841

Meunang neag ti Mang Gugel

“Eh, Anying sia mah Kang.. Goblok tah si Nomor 13.. mun teu bisa maen bal, tong hayang jadi pemain bola. Manya maen siga waduk kitu… PERSIB eleh, Kang.. Persib..” si Sabro ngajentrekeun ihwal umbak-ambek Manehna.

“Deleukeun ku Aing.. Babukan ku Aing eta pendukung lawan. Pemain na oge ku Aing rek dibabukan pokokna mah.. mowal tanggung-tanggung, ku Aing nu aya harepuen Aing, disikat Kang ku Aing.. Aral Aing” masih kekeuh si Sabro propongosan…

“Owh kitu Bro… terus lamun nyaneh jadi ngababukan eta pemain tadi jeung pendukungna.. Tuluy nyikatan naon-naon nu aya dihareupen Nyaneh, Persib jadi ujug-ujug meunang kitu..?” Uing coba nanya ka si Sabro

“Paduli Aing.. nu penting Aing bisa ngalampiaskeun Kuciwa, Kang,” teu daek ngeleh, Sabro masih umbak-ambek

“Bro.. nyaneh teh BOBOTOH lain?” ceuk Uing balik nanya. “Nying… mantak aral oge, Aing teh BOBOTOH, Kang” embung Eleh, Sabro molotot

“Ngke heula Bro, Ngke heula.. Sapikanyaho Uing, kiyeu nya Bro, nya..” ceuk Uing bari nyunut udud Garcok

“Bro, asal Nyaneh nyaho. PERSIB moal ngeper ngadu nasib, Bro. Yeuh nya Bro, dengekeun nya Bro… Uing geus ngomong ka para Bentang Persib, Tong asa-asa gawang lawan sina jebol. Bere angka nol, angka buled tur bahenol,’ ceuk Uing ka si Sabro.

“Pokok na mah, nyien eleh lawan, mowal matak kawalat. Nyien kapok lawan mowal matak cilaka. Jadi juara lain pagawean dosa,” nambah samangat Uing ngomong

Sabro ngadadak cicing, bari jeung ngilu nyuruput Cikopi hideung Uing. “Bro, mun paring meunang ulah jadi beukah sirah. Kitu oge sabalikna.. Mun diparing eleh, tong ngeleleh-leh komo leweh. Kusabab dina partandingan mah, eleh-meunang mah bisa. Tong dipake leles komo jeung aral subahah, Bro” siga nu ngerti, Sabro angguk-anggukan siga Kuda Renggong ti Majalengka

“Nyaneh, Bobotoh Persib nu ngaku tulus ka cinta. Lamun maung Bandung eleh, kuciwa biasa. Tapi, Bro ulah morang-maring kawas jalma gering. Komo bari ngaruksak sagala rupa,” ceuk Uing bari nyuruput Cikopi

“Bro, Kota Bandung milik urang sararea. Lamun ruksak lebar kabina-bina. Komo ukur alasan rasa kuciwa. Pedah Maung Bandung eleh dina maen bola, Bro.. Kitu pan ceuk Kang Doel Sumbang oge?” deui Uing ngenyot udud

“Jadi kumaha Kang?” saenggeusna angguk-anggukan, Sabro tuluy nanya. “Pokokna mah, PERSIB nu UING.. Eleh-meunang, PERSIB teteup nu Uing.. Uing Bobotoh, siap ngadukung PERSIB kalawan SPORTIF, Bro.. HIDUP PERSIBBB!” ujug-ujug Sabro ngacungkeun lengeun

Wilujeng SPORTIF

 
Tulis Tanggapan Anda
Guest User

Ingin menyampaikan pertanyaan, saran atau keluhan?

Subscribe and Follow Kompasiana: